Pages

Translate

06 April 2013

Si Cepot Keur Ngiuhan


Hiji mangsa si cepot kahujanan,sieun gering si cepot neangan tempat keur ngiuhan,kabeneran aya kuburan nu anyar di gali tapi can di isian.
Gek we cepot diuk dina liang kubur eta dalumayan haneut,,teu kungsi lila datang Malaikat Izroil langsung we nanya"Mandrobuka" ka si cepot, puguh reuwas jeung sieun,,tapi ceuk si cepot kela kat abdi mah can paeh ngan ngiuhan hungkul,,ceuk malaikat Ahh nyapekeun aing wae sia mah.....!!

Sataun kemudian si cepot bener2 maot pas geus beres di kuburkeun si cepot hudang bari bingung naha urang teu di tanya ku malaikat teh..... loba dosa kitu?teu lila izroil ngaliwat tapi ka kuburan nu sabeulah,langsung we ku cepot ditanya "Kat naha uing teu di tanya mandrobuka?? Ceuk malaikat ah sia mah paling ge keur ngiuhan....!!

Paalus-alus Kadaharan


Hiji waktu teuing jaman nanahaon, barudak keur arulin diburuan, biasa ari keur budak mah sok pahade hade... tah kieu caritana ...
Ucup : "yeuh Oded, ambeuan leungeun urang ..."
Oded : "anjiiiir, si eta dahar jeung endog asiiin... abong anak bandar kalapa"
Ucup  : "Odih, cik kadieu leungeun maneh..."
Odih : "yeuh tah..."
Ucup : " (diambeuan)..anjiiiirrr.... bau daging hayam.... edan euy abong2 anak bandar kangkung...."
Oded : "yeuh Cup ambeuan oge leungeun urang... "
Ucup : "anjiiiiir.... babat raweuy.... abong anak bandar Daging..."
aya deui hiji budak, cicing...we nu hiji deui mah da era leungeuna teu bau nanaon, ngan bau kurupuk, sieun dipoyok ku babaturana... ngarana teh si Bidin ....
Ucup : "Bidin... cik kadieu leungeun maneh ..."
na eta mah kalah beretek lumpat ka imahna ....ngadu ka indung na ...
Bidin : "mak...batur mah dahar teh jeung endog asin, daging hayam, Idin mah minder dahar jeung kurupuk...leungeun Idin rek diambeu ku si Ucup, Idin teh lumpat we da era ...."
Emak Idin : "tong sedih...kadieukeun leungeun maneh...." dolewakeun kana taeun  ku emak na teh... "jig kaituh bikeun ka si Ucup..."
bari bingung si Bidin nurut we ka indung na, lumpat deui ka buruan...
Bidin : "yeuh Cup... ambeuan leungeun urang....", bari manehna ge bingung ...
Ucup : "anjiiiiiiiirrrrr si eta..... dahar asin jambal roti...... edan lah...."

tungtungna mah kabeh arulin deui we.... xixixi

Paletak-letak

Mang Sukri, jalan 2 ka Lebak Banten,
pas dijalan loba tukang Kadu, ku sabab teu kuat nya manehna teh meuli..
ngadon di dahar didinya da sieun parebut jeung indung budak lamun dibawa ka Imah mah.

Pas balik k Imah teh .....
Ceuk Bi Encum : "aduh naha asa sengit Kadu"
Ceuk Mang : " He euh tadi meuli di jalan, yeuh ambuan leungeun"
Ceuk Bi Encum : "dasar teu uyahan barang dahar teh sorangan"
Ka petingna keun si Mang Sukri teu kuat hayang "Ehem"..
tual toel K Bi Encum.. kalah kah di tonggongan jeung di tejeh...

  Bari terus Maksa mang Sukri teh...

Lila bakat ku ambeuk Bi Encum.. langsung nyolek kana taeuna...

"Yeuh ambuan anu kuring" bari ngelapkeun dampal leungeun kana Irung Mang Sukri....

"naon eta teh teu sopan kasalaki siga kitu"

"Alah tadi oge kuring hayang kadu ngan dibere bau na "

Ku sabab teu kuat si Mang Sukri teh... nya tungtu na mah silih letak we..
Mang Sukri ngaletakan dampal B Encum anu geus didolewakeun kana taeun.
Bi Encum nya kitu keneh ngaletakan dampal leungeun Mang Sukri urut murak kadu.

Hoyong Gaduh Istri Deui


Hiji mangsa kulantaran di tempat gawena ngan nga hule'ng jentul paling-paling asup kana thread nu gareulis tur seksi ....Pesbukan atawa Tuiteran!! nya lami-lami ngaruy janten hoyong nambihan istri,  kereteg aya niat mun balik ka imah rek wakca ka pamajikan yen hayang nambih istri, da kaleuresan istri na teh sholehah nurut ka caroge teu cohag ah pokonamah pi kayungyuneun weh, singkat carita dugi weh ka bumi na.

Papah : mah kadieu geura sake'dap
Mamah : aya pikeursaeun naon pah
Papah : mamah nu sholeh, nugeulis papah teh bade nyuhunkeun widi.
Mamah : nyuhunkeun widi bade kamana
Papah : sanes eta mah, papah teh hoyong nikah deui ( bari arap ap eureup eup)
Mamah : ( Rada nga geubeug tapi tetep imut ) Nikah deui pah!!!
Papah : mu mu muhun mah..
Mamah : Atos aya calon na
Papah : atos mah kenging kenalan dina internet
Mamah : atuh heug ngan aya saratna pah, aya 3 sarat na teh
ka 1 papah kedah tiasa adil
ka 2 papah kedah nyakolakeun budak nepi ka jadi sarjana
Papah : ( geus atoh pisan ) muhun mah bade, bade mah, ari nu ka 3 naon mah???? Boro geus bungah kagiri-giri....!!
Mamah : nu ka 3 Lengkahaan heula siah bangke aing keheddddd...!!

Nyangsang Dina Sarung



Mang Oded ngarana teh, Pagawean  manehna teh tukang nyawah di daerah  Ranca Meong.
biasa lamun subuh teh sok cing paparetot ka pancilingan.. kela lain pancilingan solokan nu sok aya disawah keur pengairan.
tah eta teh biasana dipalangan ku Awi keur jadi tempat pamiceuna E*
hiji waktu Si Mang Oded bari di meulitkeun sarung kana beuheung,  Gura giru ciga nu geus teu tahan hoyong BAB (Buang Air Besar)....Beretekkkk lumpat k solokan.

Biasa bari hujan ...heujeun ...juba ...jebi.


HEU...HEU..!!!(Ngaheujeun) gepluk... gepluk... gepluk...meunang 3 geplukan

pas di teang ka tukang bari ninggali solokan..
"ah naha teu palid...jigana di dahar lele.."
teu sadar sarung na teh ngagapuy ka solokan..

bari pereum beunta ...gepluk,gepluk.. nuluykeun hanca....

diteang katukang ..
ahh jigana ku lele geuning euweh deui... eta aya ku beuki kana P***L kuring...

pas geus beres, bari nyampaikeun sarung kana sirahna..

PLOK... !!!!!!!!!!!

waduh naon ieu ?
bari nyabak kana sirah na....
nasa asa likeut ieu teh... bari dirampaan... terus diambuan...
JADOL .... teh....!!!!
sugan aing P***L kuring teh ku Lele
SI Kehed teh nyangsang dina sarung....

Tukang Tambal Ban


Aya tukang tambal ban geus cukup umur kawin ngan teu kawin wae da kurang Pede ngarumasakeun meureun teuing minde'r, hiji waktu ku indungna di tanya "ari maneh rek iraha kawin umur geus ampir 40 taun asa teu ningali bobogohan2 acan, geus ku ema rek di jodokeun we, da ema teh geus kolot! anakna teh ngan ukur manggut we tanda hormat ka kolot, nya der we di pang neangan keun jodo ku indungna (nyaah ka budak) nepi keun ka manggih aya nu daekeun nya prung we di kawinkeun, dina poenan malam pertama, sare duaan rek sosonoan, inget ceuk babaturan "teangan we ke bakal aya liang tah asup keun kadinya bobogaan maneh" di susur di sasar teu kapanggih, na dimana liang na(lebah na apal ngan teu kapanggih)? teu eleh akal mawa baskom di eusian cai, terus pamajikanana dititah cing ogo kana baskom teu kungsi lila ting kerebe'k, tah geuningan aya 2 liang na teh kapanggih siah ayeu na mah (bari jeung bungah)