Pages

Translate

06 April 2013

Nyangsang Dina Sarung



Mang Oded ngarana teh, Pagawean  manehna teh tukang nyawah di daerah  Ranca Meong.
biasa lamun subuh teh sok cing paparetot ka pancilingan.. kela lain pancilingan solokan nu sok aya disawah keur pengairan.
tah eta teh biasana dipalangan ku Awi keur jadi tempat pamiceuna E*
hiji waktu Si Mang Oded bari di meulitkeun sarung kana beuheung,  Gura giru ciga nu geus teu tahan hoyong BAB (Buang Air Besar)....Beretekkkk lumpat k solokan.

Biasa bari hujan ...heujeun ...juba ...jebi.


HEU...HEU..!!!(Ngaheujeun) gepluk... gepluk... gepluk...meunang 3 geplukan

pas di teang ka tukang bari ninggali solokan..
"ah naha teu palid...jigana di dahar lele.."
teu sadar sarung na teh ngagapuy ka solokan..

bari pereum beunta ...gepluk,gepluk.. nuluykeun hanca....

diteang katukang ..
ahh jigana ku lele geuning euweh deui... eta aya ku beuki kana P***L kuring...

pas geus beres, bari nyampaikeun sarung kana sirahna..

PLOK... !!!!!!!!!!!

waduh naon ieu ?
bari nyabak kana sirah na....
nasa asa likeut ieu teh... bari dirampaan... terus diambuan...
JADOL .... teh....!!!!
sugan aing P***L kuring teh ku Lele
SI Kehed teh nyangsang dina sarung....

No comments:

Post a Comment