Pages

Translate

10 April 2013

Obat Nyeri Huntu



Aya dua sohib, ngarana oding jeung oded keur ngobrol di cafe balik ngantor..........!! kieu obrolan nana??

oding: " Maneh nyaho teu Ded, urang geus manggihan ubar nyeri huntu anu paling paten......"
oded  : " Naon kitu...."
oding : " Enya....minggu kamari urang teh keur nyeri huntu.......tuluy ti kantor balik ka imah....kasampak pamajikan kakarek mandi dihanduk keneh.......nya ku urang teh tuluy we " digawean "....eh eta mah bener...ngadadak  leungit tah nyeri huntu teh........."
oded : " Atuh kabeneran ari kitu mah....ayeuna urang keur nyeri huntu......Ari pamajikan maneh aya dimana ....????

Panyawat Kelamin


Aya lalaki, bari radi era jeung kasieunan....datang ka dokter ahli penyakit kelamin...

Dok, dina " Eta" na abdi, aya kaluar warna semu beureum....kunaon nya???

Dokter na ngajawab : "Ke atuh urang pariksa heula, boa boa eta teh katularan panyakit........sok atuh buka calana na... "

Tuluy si dokter mariksa make lampu......ditilik tilik bisi aya anu " mencurigakan"...

Teu kungsi lila.....dokter nitah si pasien diuk, bari seuri:" Teu aya panyawat kelamin Dok tanya si pasien??? teu aya apmi panyawat mah, ngan bejaan weh ka kabogoh salira....mun make lipstick tong kandel kandel teuing.........!!

Dokter + Pasien


Pasien : Pa Dokter, abdi teh gaduh masalah, tapi rada isin nyarioskeun na..?!
Dokter  Specialis Kelamin : Teu nanaon Pa, abdi sebagai dokter  Spesialis Kulit dan kelamin pasti berusaha untuk mendengar segala keluhan dan masalah pasen..
Pasien : Kieu Dok, abdi teh kacilakaan , gagaduhan Abdi diseureud ku tawon. Dugi ka Bareuh kieu sareng Nyeri pisan ieu teh........
Dokter : Oh, gampil atuh ari kitu mah, ku abdi di pasihan obat, insya Alloh gagaduhan bapa tiasa normal sareng henteu bareuh deui...
Pasien : Sanes kitu dok, Maksad abdi mah tiasa henteu upami Bareuh na mah tetep tapi nyeri na we nu di ubaran ......
Dokter :......??

Tumpak Harley



Mang Odon keur nyupiran mobilna......tuluy ujug ujug aya motor Harley nyiap .....gorowok teh anu numpak eta Harley nanya ; " Kang....Kang....geus pernah tumpak Harley acan....???? Mang Odon asa ka hina.....jero hatena : Karek ge boga Harley meuni sombong kitu.............. Tibatan ngajawab, mang Odon kalah nga gas mobilna.............eh, si Harley teh saruana nga gas.........malah beuki tarik ngagorowok: Kang..........geus pernah numpak Harley, acan................???

"Sikehed'........jero hate mang Odon, " ieu jelema beuki kurang ajar mapanas ka uing......" Akhirna kusabab teu di jawab....eta Harley teh nga gas we miheulaan mobil Mang Odon.....teu sabaraha lila pas deukeut parapatan....Mang Odon ningali jelema keur ngarariung......singhoreng aya motor Harley nabrak tiang listrik......ari ditilik tilik teh bet anu tadi ngagorowok tea keur ngagoler bari nahan nyeri. Mang Odon turun tina mobil..........keuheul keneh kana kalakuan eta jelema....barang ningali aya Mang Odon, nya anu cilaka teh ngomong; "Kang.....tadi abdi gogorowokan teh .....bisi akang geus pernah tumpak Harley.........rek nanya keun ari Harley the lebah mana rem na............."