Pages

Translate

06 April 2013

Hoyong Gaduh Istri Deui


Hiji mangsa kulantaran di tempat gawena ngan nga hule'ng jentul paling-paling asup kana thread nu gareulis tur seksi ....Pesbukan atawa Tuiteran!! nya lami-lami ngaruy janten hoyong nambihan istri,  kereteg aya niat mun balik ka imah rek wakca ka pamajikan yen hayang nambih istri, da kaleuresan istri na teh sholehah nurut ka caroge teu cohag ah pokonamah pi kayungyuneun weh, singkat carita dugi weh ka bumi na.

Papah : mah kadieu geura sake'dap
Mamah : aya pikeursaeun naon pah
Papah : mamah nu sholeh, nugeulis papah teh bade nyuhunkeun widi.
Mamah : nyuhunkeun widi bade kamana
Papah : sanes eta mah, papah teh hoyong nikah deui ( bari arap ap eureup eup)
Mamah : ( Rada nga geubeug tapi tetep imut ) Nikah deui pah!!!
Papah : mu mu muhun mah..
Mamah : Atos aya calon na
Papah : atos mah kenging kenalan dina internet
Mamah : atuh heug ngan aya saratna pah, aya 3 sarat na teh
ka 1 papah kedah tiasa adil
ka 2 papah kedah nyakolakeun budak nepi ka jadi sarjana
Papah : ( geus atoh pisan ) muhun mah bade, bade mah, ari nu ka 3 naon mah???? Boro geus bungah kagiri-giri....!!
Mamah : nu ka 3 Lengkahaan heula siah bangke aing keheddddd...!!

No comments:

Post a Comment