Pages

Translate

10 April 2013

Tumpak Harley



Mang Odon keur nyupiran mobilna......tuluy ujug ujug aya motor Harley nyiap .....gorowok teh anu numpak eta Harley nanya ; " Kang....Kang....geus pernah tumpak Harley acan....???? Mang Odon asa ka hina.....jero hatena : Karek ge boga Harley meuni sombong kitu.............. Tibatan ngajawab, mang Odon kalah nga gas mobilna.............eh, si Harley teh saruana nga gas.........malah beuki tarik ngagorowok: Kang..........geus pernah numpak Harley, acan................???

"Sikehed'........jero hate mang Odon, " ieu jelema beuki kurang ajar mapanas ka uing......" Akhirna kusabab teu di jawab....eta Harley teh nga gas we miheulaan mobil Mang Odon.....teu sabaraha lila pas deukeut parapatan....Mang Odon ningali jelema keur ngarariung......singhoreng aya motor Harley nabrak tiang listrik......ari ditilik tilik teh bet anu tadi ngagorowok tea keur ngagoler bari nahan nyeri. Mang Odon turun tina mobil..........keuheul keneh kana kalakuan eta jelema....barang ningali aya Mang Odon, nya anu cilaka teh ngomong; "Kang.....tadi abdi gogorowokan teh .....bisi akang geus pernah tumpak Harley.........rek nanya keun ari Harley the lebah mana rem na............."

No comments:

Post a Comment